Senin, 17 Mei 2010

saha aing ??

SA HA AING ???

Saha aing ??
Aing jelema atawa munding ?
Aing turun ka dunya wujudna manusa
Tapi bapak ngutuk aing jadi munding
Naon salah aing ?
Aing teu boga dosa ka bapa

Wanci balébat ,kuring geus ngahudangkeun Reno sangkan sholat
“ Ren gugah tos beurang, enggal sholat subuh !“ ceuk kuring bari ngagegeing Reno
“ mmmm……….. ah peuting keneh “ tembal Reno nguliat bari saré deui
‘ enggal Ren, tos adzan titatadi “
“ ahh bawelnya “ bari nyuntrungkeun kuring
“ astagfirullah .. “
Kuring indit bari nahan ka nyeri lantaran mastaka ti jedak kana tembok ,

Duh kuring kudu kumaha deui, boga anak teu bisa diatur dititah sholat hésé , dipapatahan ngalawan Astagfirullah gusti kudu kumaha deui kuring.

Kring … kring … kring sora alarem di kamar na beuki lila beuki tarik. Reno ngagurinjal hudang, langsung ka cai sibeungeut teu mandi lantaran geus kaberangan indit sakola , teu lila manehna diganti ku saragam sakola, sagala buku diasupkeun nu aya di harepeunana, terus manehna manaskeun motor,
“ Pa menta duit ! “ Reno ngomong ka kuring bari nyentak
“ Ren bapa teh nuju teu gaduh artos “
“ ah dasar boga kolot teh teu bisa usaha “ Reno beuki nyentak nada sorana
“ Ren teu kengeng nyarios kitu kasep “
“ eh ari kaayaan na kitu ,kudu kumaha deui “
“ subhanallah Ren, bapa teh teu aya artos saperak-perak acan, kanggo tuang engké siang ge teu aya “ kuring ngajawab saayana
“ eh geus malarat mah malarat weh tong loba omong “

Teu lila geus ngomomng kitu Reno indit ngaleos teu pamit heula bari kukulutus lantaran teu di béré duit.

________________________________#_#___________________________

Di sakola Reno ngumpul jeung gengna nyaéta geng the pinkers, geng ieu teh geng anu paling berkuasa di sakola pagaweanna ngaroko jeng ngaheureyan awewe nu ngaliwat di harepeunana, mun balik sakola pagaweanana sok nyabu atawa mabok
“ Ren engké balik sakola urang nginum yu ? “ jeki ngajak Reno
“ duh aing teu menang duit ti babeh “
“ ah gampang duit mah, nu penting mah niat heula “ jeki ngajawab
“ nya hayu atuh ari kitu mah “

Teng … teng .. teng bel asup sakola disada tarik
“ Jek , urang abus heula ka kelas “ reno ngomong ka jeki
“ tumben sia , haying diajar sasari na ge mabal wae ?“
“ guruna galak euy “ reno ngjawab
“ nya enggeus atuh abus jug “

______________________#_#____________________________________________

Teng .. teng .. teng bel kaluar sakola disada , Reno bungah lantaran bisa kaluar ti sakola
“ Jek …. “ reno ngageroan jeki
“ naon euy “
“ piraku poho, pan tadi sia nu ngajak nginum ka aing “ Reno
“ keheula ngadagoan barudak “ceuk Jeki
“ tuh Barudak “ reno bari nunjuk barudak geng na nu karek datang
“ eh mamen hayu atuh indit , meni lila di dagoan titadi
“ hayu atuh “ ceuk barudak

Reno and the geng pinkers ngarinum di imah jeki, nepikeun ka peuting
________________#_#_______________________________________________
Duh budak the jam sakieu can balik kénéh na kamananya ? kuring ngomong sorangan , teu kungsi lila Reno datang bari bengeut caleuy bareureum lempangna ciga nu lieur
“ Ren atos timana waé ? wayah kieu nembé dongkap “ Kuring nanya
“ Ah kolot mah cicing weh , tong hayang nyaho urusan budak ngora “
“ eh Ren bapa teh hariwang “

Omongan bapa ne teu didenge ku si Reno , manehna kalahka langsung indit kakamar

Astagfirullah naha budak teh jadi kieu baheula mah keur aya indungna kénéh keur mah bageur soleh deui, euh .. ari ayeuna keur badeur teh teu sopan deuih ka kolot ..

_______________________________#_#_________________________________
Reno and the geng pinkers keur nyarabu bari ngarinum di imahna,lantaran kuring keur pangaosan malaem juma’ah di masjid
“ Mabrow ngenah pisan ieu barang “ reno ngomong bari télér
“ duh ngenah pisan mamen “ jeki saruana bari teller
“ duh haus Ren , mana Amerna “ mona nanya ka Reno
“ tenang sayang !!! , tuh cokot handapeun ranjang di kamar aing “ Ceuk Reno

Brem … brem .. brem, .. sora motor Davi datang , di hareupeun imah Reno
“ mamen … mabrow .. ieuh aing mawa suuk “ ceuk davi
“ sayang aing hayang “ ceuk mona
“ tenang sayang pasti kabagean “ ceuk davi
“ davi buru sia teh gera asup , era ku tatangga “ ceuk Reno bari ngagorowok
“ ti iraha sia the Reno boga rasa ka éra ? “ ceuk Jeki bari ngadegung keun sirah Reno
Teu kungsi lila kuring datang
“ astagfirullah .. bapa teh kurang kumaha kasep, bapa nyaah pisan kamaneh, maneh teu mulang tarima ka aing . salila ieu aing geus sabar , sia mah kawas munding diantepkeun cicing dipikanyaah ngalunjak dibere hate menta jantung dasar munding…

Reno teu ngadengekeun omongan kuring , manehna kalahka kabur jeung babaturanana kuring diimah ceurik sorangan kusabab anak nagn hiji-hijina teu bisa diandelkeun..kuring teu bisa narik omongan nu geus diucapkeun,aya rasa kaduhung tapi da engges kuduna , kuring hariwang teu puguh rarasaan …
____________________________#_#________________________________

Hayam jago kongkorongok ngahudangkeun kuring dina isuk eta , pas kuring kaluar ti imah dek nyokot wudhu aya munding jalu , eta munding teh ciga nu keur ceurik nyurucud ci panon , munding eta the disada bari sasadu
“ ieu the anak aing ?? “ kuring nanay ke eta munding
Munding eta ngan saukur disada bari ngaluarkeun ci panon

Ren hampura bapa jang ..
Bapa teu bisa narik omongan nu geus di ucapkeun
Sok renungkein ku anjeun ieu the pangajaran ti gusti jang anjeun

Kuring rewash kusabab munding eta bisa ngomong
Bapa hampura Reno
Salami ieu reno nyusahkeun bapa
Ayeuna reno teh manusa atawa munding ????

saha aing ??